Jumat, 02 Maret 2012

Fikmin # TEMBANG PAMUNGKAS #

Fikmin # TEMBANG PAMUNGKAS #

“Wilujeng angkat, Jungjunan…”

Bada urang bareng lunta ngitung pilar kilometer; 
bada pada-pada bingung ka mana nya kudu miang; 
bada urang teu wasa mun kudu mulang; 
bada nyaruakeun léngkah nu teu daék sawirahma, 
urang anjog ka jalan cagak nu kasawidak. 
Basa girimis lumengis urang pataréma réma 
bari surti yén katineung baris langgeng dipibanda, 
bari ngarti yén mangpirang jalan cagak 
bakal nangtang ringkang urang sajajalan.

“Wilujeng kantun, Jungjunan…”


Tidak ada komentar:

Posting Komentar